Rabu, 18 Maret 2015

Fikmin # NIPU #
“Néng! Néng! Cobi ka sisi heula!” Pa Pulisi megat. “Muhun Pa...,”  bari nyisikeun motor. “Mana STNK sareng SIM na Néng?” Pulisi bucitreuk nanya. “Duhhh... punten pa pulisi abdi hilap teu nyandak susuratan,” bari murungkut. “Tong ngabohong Néng! Enéng teu acan gaduh SIM pan? Teras Enéng teu nyandak STNk! janten Néng kedah masihan artos damai 250 rebu Néng” Pulisi molototan. “Punten pa abdi teu gaduh artos.” Kuring terus terang, bari néangan akal. “Naha atuh wani-wani maké motor!” Pulisi rada nyentak. “Duh puntén Pa, abdi rusuh, nuju dipiwarang ku pun bapa masihkeun serat ka LBH” Ceuk kuring. “Kitu Bapa Enéng damelna di mana?”. “Janten pengacara Pa”. “Nu leres Néng?” Pulisi kokoprot késang. “Muhun Pa”. “Sok atuh Néng, mangga uih wé langsung. Kadé di jalanna Néng” Ceuk Pulisi. Kuring seuri dina  haté bari ngagerendeng, naha da kuring mah lain budak pengacara tapi budak tukang bubur