Kamis, 27 Februari 2014

Fiksimini Basa Sunda


  •   Fikmin # Si Cameuh # 
 Barang asup ka jero lawang sakola, kacida bungahna. Ningali lalaki nu dipikaresep, keur nyarandé kana tihang. Kasép kacida. Gadona cameuh. Seurina éndah. "Sok siah isuk isuk geus ngalamun!" Si Énok ngabeunangkeun. "Hé hé, kuring keur mikiran Si Cameuh Nok!" "Euleuh éta kabisa ngan Si Cameuh deui, Si Cameuh deui. Meuni euweuh kabosen!" "Pan keur panyumanget Nok!" “Ningan basa saméméh ulangan ningali Si Cameuh téh kalah dirémédial?" Si Enok nyenghor. "Hen...henteu ih..!" kuring gugup, teu bisa ngajawab. Da émang bener kanyataana kitu. "Tuh pan? geuwatlah urang jajan ka kantin. Lapar yeuh!" Di kantin, kuring ningali Si Cameuh keur diuk duaan jeung awéwé. Kuring lumpat deui ka kelas. Jol Si Enok, "ari manéh kunaon tadi kadon lumpat?" “Hampura Nok, tadi kuring ningali Si Cameuh jeung awéwé!" "Teu apal kitu? Pan éta kabogohna." Astagfirullah... nyelekit, peurih geuning Gusti! Teu karasa cimata mudal maseuhan pipi. Kiatkeun abdi, Gusti ....!


  • Fikmin # Kapanggih Modal #
 Sajajalan, kapikiran. Rék ulangan basa sunda tapi can ngapalkeun! Sup ka kelas. Gandéng. Keur ngarapalkeun. Kuring pipilueun. Can gé muka buku. Téééét! Bél asup disada. Barudak langsung ngaraji Qur’an. Sanggeus ngaji. Guru basa sunda lebet, gék calik bari nyepengan soal ulangan. "Nomor urut 21 nepi ka 40 kaluar!" saurna. Aduh! Kuring nomor urut 6, atuh bagéan ulangan kahiji! Soal ulangan dibagikeun. “Waktuna sajam!” Gusti ieu soal meni hésé pisan. Euweuh pilihan, kudu nanyakeun ka babaturan. "Dina..., nomor dalapan naon?" "A,” cenah. "Ari nomor duapuluh?" "Ké heula atuh!” Lieur. Gura-giru muka buku, nu tadi diselapkeun na kolong bangku. "Tong tungkul waé! Aya naon atuh!" Pa guru tos aya hareupeun. Kuring kacida reuwasna."Hen...henteu Pa!" "Alah, tong sok ngawadul! Cik bapa ningali kolong bangkuna!" Pananganana kokodok kana kolong bangku. "Ieu naon? Noron nya?" Semu nyentak. Kuring tungkul "Mana kertas ulanganana? Urang dienolkeun!” Duh éra pisan! Kuring jangji dina haté, moal sakali-kali deui.